Isah

Waktu ngangsrod muru ka tungtung peuting, mawa hawa tiis nu nyelecep ngegelan kulit. Guling gasahan sorangan di kamar, asa rudet, hate dibeulit ku mangpirang-pirang areuy kahayang. Neang sugan, awak nguniang, ngajugjug rohangan tengah. "Har !, ningan nuju sibuk keneh, Mih !”. Asa sapuluh abad, nungguan nu rek ngajawab teh. “ Aeh ! Akang!, teu acan kulem,Kang !”,malik nanya bari tungkul, sorana datar, siga nu teu panuju, salaki masih kumelendang tengah peuting. Buku-buku patulayah na luhur meja, cai kopi urutna aya kana tilu gelasna, rokok bodas,teu leupas napel na biwir, pikiranna tumplek kasedot ku pangaresep. Ngareret kana jam nu naplok na tembok, jarum pondok geus niir ka angka dua welas. Eleh deet , suku mundur, ingkah ti ruang tengah. Hate asa dipangpengkeun, ka guha peteng. Seuneu ka ambek ngabebela, awor jeung kapeurih nu ngadak-ngadak caah. lalangit imah jadi pinuh ku beungeut manehna, ting garantung siga kalong, cing serengeh, nembongkeun huntuna nu sareukeut. Kuring ngabirigidig, tapi eta tetempoan terus ngungudag nepi ka subuh. “ Juragan, nuju teu raos manah deui ? “ Harewos Isah, badega kuring ,semu deudeuh. Basa kuring nyalingkeur ka kamarna . Kuring ngan ukur unggeuk , bari olohok ,nyaksian sarung nu dibedol lalaunan ku manehna .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Jojo Johari: Tobaaaat! Aya badega dugi ka kituna? heuheuheu
  2. Akang Remi: emh...Ang, manawi kawidian bade ngiring curhat abdi ka Isah ah...
  3. Saefull Atk Archiva: ceu Isah...mun tos bosen ngababuna pindah ka rorompok sim kuring, janten tukang urut cios??
  4. Yanti Sri Budiarti: Ooooh, janten kitu we nya..?! Ngadon nyepen di pangkeng Isah? Sae...sae...!!! Mana nya gagang kampak teeeh...!!!
  5. Apoedy Sarah Ihsan: saleresna mah mamih ge sanes teu terang bapa ka isah teh, ngan eta mang darman tukang kebon tos ngantosan... heuheuheu...
  6. Jojo Johari: Tobaaat! Ulah Teh Yanti Sri Budiarti! Ulaaaaah! heuheuheu ...hareueueuh! Janten baratayuda atuh?!
  7. Yanti Sri Budiarti: Kunaon Kang Jojo Johari teh..? he he eta gogorowokan wae. Muhun Kang, sae kitu, enggal geura tobat..!
  8. Jojo Johari: Horseeeeh! Kenging tobat eung! heuheuheu
  9. Bening Selaksahati: Isahhhhhhhhh , beresan ayeuna keneh papakean maneh , bisi dibejakeun ka kangjeng Mamih lewih ripuh ....
  10. Saefull Atk Archiva: Ceu Isah sanes beberes papakean, kalahka masihkeun buku nikahna nu jeung kang Jojo Johari..heuhuehu..
  11. Jojo Johari: Isaaaah! Geuwat indit Isaaah! Bisi digarapak, bisa ripuh! ..heuheuheu ...hareueueuh!
  12. Jojo Johari: Tobaaaat! Ang Saefull Atk Archiva mah sok dibukakeun kartu aslina. Tobaaaaat! Kabuuuur! ..heuheuheu ...hareueueuh!
  13. Akang Remi: mana ny Isahna ieu teh,repeh bae ?!?!?
  14. Ahmad Yani: Hi hi hi hi hi hi hi hi ....Uing mah nyempod we ...! Sieun pada neunggeulan ! ha ha ha ha !
  15. Saefull Atk Archiva: ari sugan teh moal kaluar eta ceu Isah...moal diteunggeulan ieh ceu...
  16. Ahmad Yani: @ Kang Jojo Johari : Ngabedol sarung teh , Ceu isah mah...maksadna bade ngaputan nu soek na ! ha ha ha ha ha ha!
  17. Jojo Johari: Ang Ahmad Yani: Tulungan simuing Ang! heuheuheu
  18. Ahmad Yani: @Akang Remi : Mangga bade ngiring Curhat ka Ceu Isah mah, ongkos konsultasina sajuta sa jam na ! hi hi hi hi hi hi !
  19. Ahmad Yani: @ Syaiful Atk : Alim ah ... sieun di anjuk ! hi hi hi !
  20. Saefull Atk Archiva: kacipta ayeuna ceu Isah teh keur gogolehean....komo keur usum hujan kieu mah..
  21. Akang Remi: beu...geuning awis,..emh abong curhat plus plus plus
  22. Ahmad Yani: @ Yanti SB : Gagang kampak na ge tos di beuleum !! hi hi hi hi !
  23. Ahmad Yani: @Bening Selaksahati : hi hi hi hi ... naha janten nyalahkeun Isah, da nu lepatna mah , Kanjeng Mamih ! ha ha ha ha !
  24. Akang Remi: Muhun da Isah mah teu lepat,maksadna ngabedol sarung teh,bade di giling na mesin cuci.
  25. Yanti Sri Budiarti: Atos mendak doran pacul da..wew..!
  26. Ahmad Yani: @ Akang Remi : Ha ha ha ha ha ha .... Uing jadi ngusek kei yeuh !!! hi hi hi hi hi , waas ku di giling na ! ha ha ha ha ha !
  27. Akang Remi: ahihihihihihi....barang di peureut, ngareclakan, warna cai teh bet siga ci tajen.....ahihihihihihihihi
  28. Ella Wargadinata: Upami Isah pinter ngadudut sarung, Mamih pasti pinter ngadudut eusi sarung wkwkwkwkwkwk......
  29. Eel Nurlaela: ichhhh ! kokkk jorokkkk ! ahhhh
  30. Ahmad Yani: Tong dipeureut atuh Ang Akang Remi, teras we di poekeun !
  31. Ahmad Yani: Ha ha ha ha ... Sae pisan tah kacindekan teh , heu heu , pinter Teh Ella Wargadinata mah ! ha ha !
  32. Ahmad Yani: Eh ! neng Eel Nurlaela, mah sok lepat sangka, di bedol soteh bade di kaputan nu soekna ! heu heu !
  33. Eel Nurlaela: kang yaniii ! Duka tahhhhh pami kitu mahhhhh!
  34. Yadi Sutomo: Teungteuingeun mamih,... meni tega ang Ahmad Yani disebakeun ka Isah,....
  35. Ahmad Yani: Nyeta duka kunaon si mamih teh bet janten kitu Ang Yadi Sutomo ! heu heu, eta kitu pedah gaduh akun FB ? ha ha ha !!
  36. Ahmad Yani: Leres kitu Neng Eel Nurlaela !, upami teu percanten mangga taroskeun ka Bu Guru urang Cikembar ! hihihihihi !
  37. Eel Nurlaela: wewwww achhh !
  38. Herdy Mulyana: Wadooww,,Isah pemain cadangan hikz
  39. Eel Nurlaela: beugggghhh ! Maennnn Bolaaaa kaleeee ! aya pemaennn cadangan sagala rupiiiii !
  40. Ahmad Yani: Eel Nurlaela ! hi hi hi hi hi !!
  41. Maman Damiri: Beuuuuuuu......
  42. Ahmad Yani: Bakan ku ambek nyeta Ang Herdy Mulyana ! hi hi hi !
  43. Ahmad Yani: Naon si Ua Maman Damiri ! teh ? bet nyarios Beuuuu !!! ha ha ha !
  44. Maman Damiri: Beuuuu ..kuat ka kituna ...eta roko bodas si mamih meni teu leupas tina biwir ...
  45. Yetti War: neng Yanti tambihan ku hantu ........ eta mah tos bakat ....
  46. Ariek Acon: Hayoh...geura ngaku isah !! Jeung saha deui, geura bjakeun mun hayang aman mah...?
  47. Ahmad Yani: Etang-etang nymbang nagara ku cukai na ! panginten Kang Maman Damiri ! heu heu !
  48. Ahmad Yani: Hantu naon ! ? Teh Yetti War ! hi hi hi !
  49. Ahmad Yani: @Ambuing Kang Ariek Acon ! , meni ka galak kitu ! ? ha ha ha !
  50. Ariek Acon: Tuh geuniiing teu pira...aya nu nyora hahahaha.... Pis ah akang AHMAD Y
  51. Nazarudin Azhar: Edas Ang... Ngan "bari olohok" asa ngaganggu hehe... Simuing curiga si kuring teh geus sababaraha kali nyalingkerna ka kamar Isah... Janten simuing mah resep mun "Kuring ngan ukur unggeuk, nyaksian sarung nu dibedol lalaunan ku manehna" Hehehe... Tapi ketang teu langkung. mantap yeuh fikmin...
  52. Iwan Hanjuang: satu sarung,empat kaki... he he he he heded euy plotna..
  53. Tanti Damayanti: euleuh...eleuh nyi Isah mani surti......hihihi......
  54. Rin Riani: Nyaan,... hade gawe Isah,... meni ditangkes sagala pacabakan mamih,... sakalian engke mah rek dikursuskeun komputer,...
  55. Akoer Lah: Kuring ngan ukur unggeuk, bari olohok ,nyaksian sarung nu dibedol lalaunan ku manehna. Ceuk Isah : "nya ceuk abdi ge ieu sarung teh merek "Gajah Duduk", hahahaha...
  56. Muhammad Shohiba Nu'man: Deuh.. tungtungna..! tungtungna..! Matak gereget. Heded, Mang Yani..! heuheu
  57. Ahmad Yani: @Kang Nazarudin Azhar, sumuhun Ang !, nembe ka raos ku sim kuring ge !, yen " Bati olohok " rada ngaganggu . Teu saluyu sareng cariosan Isah "Juragan ! nuju teu raos manah DEUI ? ", tah muhun pisan kecap deui , tatngtos nunjukkeun sering, ari sering, piraku olohok ??, hatur sewu nuhun pisan kana koreksina Ang ! Katampi pisan !,rumaos seureudeug keneh ! ha ha ha !
  58. Nazarudin Azhar: hehehe... sip..
  59. Ahmad Yani: Hatur nuhun kana apresiasina Ang Iwan Hanjuang ! he he !, maklum nuju usum tiris , janten nyobian ngapungkeun fikmin nu rada " Haneut " heu heu !!!
  60. Ahmad Yani: Heu heu heu ... Sagala trampil nyeta Nyi Isah mah Teh Tanti Damayanti ! hi hi !
  61. Irman Dimyatie: Astaghfirullah......!!! Geuningan kitu kalakuan Ang Ahmad Yani teh. Teu nyangki. Paingan unggal sasih guntas-gentos pembantu.......
  62. Ahmad Yani: Rin Riani ...hi hi hi , Nyi Isah meni atoheun pisan , nguping bade di kursuskeun teh !, iraha saurna ngawitanana ! he he he !